jump to navigation

Jurig.. August 4, 2008

Posted by bahalit jatisunda in Selingan.
trackback

Anak jurig keur guntreng jeung indungna di sisi talaga, keur kitu aya nu ngaliwat saurang kiyai ka hareupeunana
Anak jurig : ” Ma, itu saha nu ngaliwat buukna bodas ” ? 
Indung jurig : ” Tah eta teh manusa ngarana, ari nu bodas mah lain buuk tapi kopeahna. Peueujeuh ulah rek deukeut jeung manusa eta sabab urang bakal cilaka.
Teu lila aya deui nu ngaliwat sarta mawa bungkusan jeung make dasi.
anak jurig nanya deui.
Anak jurig : ” Ari itu saha deui mani gaya kitu “?
Indung jurig : “ Eta oge sarua manusa, ari nu di bungkusna nyaeta duit hasil ngajual dasina. Tah eta mah batur urang…